Si
Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!”
Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka.
Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus
kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.
“Wah,
moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si
Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!”
ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.
Barang
tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
“Kabayan,
meunang ngala nangka téh?”
“Komo
wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.
“Mana
atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.
“Har,
naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si
Kabayan téh.
“Ari
manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha
Si Kabayan keuheuleun pisan.
“Wah
nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari
ngaléos.
0 komentar:
Posting Komentar