Translate

ANIME

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

TIPS-TIPS

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

This is default featured slide 3 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

This is default featured slide 4 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

This is default featured slide 5 title

Go to Blogger edit html and find these sentences.Now replace these sentences with your own descriptions.

Tampilkan postingan dengan label Dongeng Bahasa sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Dongeng Bahasa sunda. Tampilkan semua postingan

Jumat, 11 September 2015

Si Kabayan ka Puskesmas

                         Si Kabayan ka Puskesmas




Eta mah si kabayan meni unggal poe kemis ka puskesmas teh, tayoh aya pikir ka dua, sagede carangka da buktina, geus puguh rieut ka dokter, nyeri beuteung ka dokter, di gegel sireum oge ka dokter, di karayapan lancah ka dokter, rorombeheun di suntik, pokona mah sagala ka dokter.

Ayeuna duka deuk naon, geus andeprok deui wae.

Saur Dokter : 
"aya naon deui wae maneh kabayan ?"
"eheh, taeun sumuhun , bade nyuhunkeun landong" ceuk si Kabayan bari palaya - peleye.
"ieu aya anak beurit di jero beuteung,"

Dokter :
"Duh karunya teuing, di dieu mah teu sadia ubarna kabayan. Cing cobaan ayeuna mah neureuy anak ucing hirup - hirup. supaya eta anak beurit anu di jero beuteung teh di tewak." 


                                                    Tamat

<br>
Share:

Minggu, 05 Oktober 2014

Sakadang Kuya Nyieun Suling

Sakadang  Kuya Nyieun Suling
        
 
 
 
 Sakadang kuya manggih tulang maung ti leuweung. Ceuk pikirna alus lamun
dijieun suling. Ngan kusabab menehna mah teu bisaeun ngaliangan, kapaksa menta
tulung ka  sakadang bangbara. Sanggeus diliangan tulang maung teh bisa ditiup.
        “Tret trot tret trot,
        suling aing tulang maung,
        diliangan ku bangbara,
        torotot heong.”
        Ngan ceuk pikir kuya masih keneh kurang alus, kudu ditroktrokan heula. Harita
keneh manehna nepungan sakadang caladi. Kabeneran caladi teh daekeun. Sanggeus
ditroktrokan mah suling teh rada alus.
        “Tret trot tret trot,
        suling aing tulang maung,
        diliangan ku bangbara,
        ditroktrokan ku caladi,
        torotot heong.”
        Sakadang kuya ngarasa can sugema, sabab ceuk rasana suling teh tacan sampurna. Keur nyampurnakeunana kudu dipasieup heula. Ceuk dina pikir kuya nu ahli masieup teu aya deui lian ti sakadang sireupeun. Harita keneh kuya indit nepungan sireupeun. Sanggeus dipasieup suling teh ditiup deui.
        “Tret trot tret trot,
        suling aing tulang maung,
        diliangan ku bangbara,
        ditroktrokan ku caladi,
        dipasieup ku sireupeun,
        torotot heong.”
Share:

Kuda Hade Budi

Kuda Hade Budi
 



        Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar handapeun tangkal kai bari gegerungan. Sato-sato nu kungsi menang kanyeri ti manehna ngarumpul ngariung nu keur gegerungan tea. Ceuk Munding, “Ah siah make gegerungan! Rek nyambat ka saha? Moal aya nu nyaaheun ka sia mah! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari ngagadil nu keur gegerungan. Nempo kalakuan Munding kitu sakur sato nu harita aya di dinya sareuri akey-akeyan.

        Kabeh sato nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat, kajaba sakadang Kuda. Nempo sato-sato sejen galumbira teh manehna mah ukur gogodeg. Ceuk Domba, “Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain tejeh tah si Belang teh ku sampean! Lain baheula si Belo ditekuk?” Tembal Kuda, “Kaula mah lain teu ngewa kana kalakuan Maung teh. Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manehna teh keur sakarat, sakeudeung deui oge paeh. Kuduna mah sato nur keur sakarat teh ulah dihareureuykeun kitu. Meureun ceuk batur teh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat!” Sanggeus ngadenge omongan Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya jempe sarta patinglaleos ka leuweung deui.        




Dicutat tina: Bacaan Barudak “Kuda Hade Budi”


Share:

Minggu, 27 April 2014

Siluman

                                                                        Siluman



Jaman baheula dihiji tempat/werwengkon didinya teh kacaritakeun lembur anu kacida sarienen nana jelema ngaliwat kadinya, yen beja didinya ari peting tara aya lampu, pokona paroek jeng loba begal. Lamun aya jalma peting-peting liwat kandinya cak beja sok dicegat garong/begal pokona sakumaha harta nu dibawa ku jalma teh kudu dibikeun ka garong lamun hente diancam bakal dipaehan atawa disiksa.

Caritana yen brgal/garong anus sok nyegat ditempat etateh nyaeta jalma anu cicing di tempat eta, penduduk didinya kusabab kitu jalma sarieuneun liwat kadinya teh. Jeung deui anu jalma anu nempatan tempat eta teh jaragoan utamana jago kadugalan.

Kusabab kitu jalma nyarebutna eta tempat Siluman, lembur Siluman terusnamah.
Eta tempat teh aya di Kabupaten Subang, Kecamatan Pabuaran. Tah ayenamah Silumanteh jadi ngaran Desa nyaeta Desa Siluman. Da ayeunamah aman biasa wae kos daerah nu sejenna eweuh begal eweuh garong, kecuali katukangeun lembur etateh aya trotoang panjang da nepi ayeunage sok sarieuneun jalma liwat kadinya tipeuting mah.

Tah kitu caritana kunaon eta tempat teh disebut Siluman, nu ayeuna Desa Siluman.


Share:

Dongeng Gagak Jadi Hideung

                          Gagak Jadi Hideung


Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .
Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!
Rincian Dongeng:
- Judulna : Gagak Jadi Hideung
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca
- Watek palakuna :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
- Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.
Share:

Minggu, 09 Februari 2014

Dongeng Sunda ( Si Kabayan Ngala Nangka)



                                                      








                                                    Si Kabayan Ngala Nangka

Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.
“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.
Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”
“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.
“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.
“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.
“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.
“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.
Share:

Kumpulan Dongeng Bahasa Sunda ( Si Kabayan Hayang Nyusu )


                   
                    

  SI KABAYAN HAYANG NYUSU  
 
Nyi Iteung keur nyusuan anakna di enggon.
Keur kitu torojol salakina, si Kabayan. Gek diuk gigireun pamajikanana nu masih keneh nyusuan.

Teu disangka ana jeletot teh bujur anakna nu keur nyusu tea diciwit ku si Kabayan, satarikna.

Atuh si budak teh ngagoak.

Ceuk nyi Iteung: "Ku naon Akang, make nyiwit budak teu pupuguh!"

Si Kabayan:" Keuheul kami mah Iteung! Eta budak siga nu nyusu ka kabogohna wae. Kami ge sarua weh hayang...!!! 
Tai ucing tai kuda (pusing atuh da)...!!!

Share:

MUSIC

Diberdayakan oleh Blogger.

Visitors

Flag Counter

Followers

Featured Posts

Blogger templates